Home Biduan Lirik Artikel Internasional Orkes Indeks

Lirik Lagu Banondari - Azmy Z Feat Giri Harja Dua Putu

img_title
Azmy Z
Sumber :

JagoDangdut LirikAzmy Z kembali mencuri perhatian lewat lagu yang berjudul 'Banondari'. Azmy membawakan lagu tersebut duet bareng Giri Harja Dua Putu.

Lagu 'Banondari' sendiri merupakan karya dari Raida. Lagu tersebut dibawakan dengan begitu khas oleh Azmy.

Selain miliki alunan musik yang asyik, lagu tersebut juga miliki lirik yang begitu nenarik dengan menggunakan bahasa Sunda. Berikut ini lirik lagu tersebut.

Lirik Lagu Banondari - Azmy Z Feat Giri Harja Dua Putu

EEEE banondari anu dénok anu montok

Matak moho matak pogot

Anu geulis mani amis, nu éndah matak kabita duh euis

Ngan hanjakal eulis teh henteu kaopan

Gampil bendu mun kasinggung perasaan

Tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni nyoroscos

Céréwéd lir manuk toéd duh darling….

Najan kitu diri nyai tetep narik

Imutna matak kapincut, ilatna matak tibelat

Lambey ipis lir kuéh lapis, mun digégél tangtu amis

Aduh tobat geulis….

 

Asolali asolali…….

Wa owa eng

 

(Azmy)

Engkang sembaheun abdi, Narpati nu gagah sakti

Engkang téh jago ngarayu percéka mikat Wanita

Teu perduli aya nu boga, engkangg….

 

Di dunya taya duana pameget anu kawas engkang

Waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung

Purah ngudag-ngudag bikang, aduh engkang…..

 

Diraksukan ku henteu matut, dilancingan ogé randutdut

Kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong

Aduh engkangg….

 

 

(Khanha)

ee… banondari ulah kitu cinta engkang téh saéstu

lain cinta imitasi tapi cinta nu sajati

cinta engkang mah teknologina canggih, geulis!

 

Cinta engkang dijamin moal rek luntur

Cintaku hanya untukmu

Dunya brama teu kabilang, nendeun duit di unggal bank

Emas inten golondongan, kop kabeh eta keur nyai….

 

 

Bisi hayang pelesiran langlang jagat

Bari shoping ka unggal nagara

Ka Jepang rejeng ka Hongkong

Ka New York rejeng ka Paris

Atawa rék ka Cilincing

Pék atuh geura balaka, kahayang pasti aya

Asal bener cinta ka akang

Aduh tobat geulis….

 

Asolali wa owa eng………

 

(Azmy)

Engkang….

Engkang téh geningan bodo, ngarayu carana kuno

Nyombo bari ngolo-ngolo

Engkang…..

 

Cinta sanés komoditi, teu bisa dibeuli-beuli

Najan ayeuna keur tréndi

Atawa ditawar-tawar, najan dibayar ku dollar

Abdi mah da henteu hayang

Aduh engkang playboy, aduh playbpy, aduh playboy

Engkang…..

 

Pameget mah dimana-mana gé sami

Eukeur bogoh sok kokorowot

Eukeur geugeut keukeureuweut

Mun can beunang panasaran

Engkang panasaran

Berita Terkait
Biduan
Buka Dikit